LANJUTAN DARI MATERI TERJEMAHAN

3. Kecap Serepan 
    titenan kecap nu didengdekkeun dina kalimah ieu di handap. 
    1. Jawab Barat mibanda pirang-pirang potensi wisata 
    2. basa indung teh sahiji kakuatan jatidiri jeung indentitas hiji bangsa 
    3. sakumna manusa nu ngagem agama islam boga kawajiban pikeun ngadeungkeun solat
Kecap wisata dina kalimah (1) asalan tina basa Kawih (Jawa Kuno), hartina nyaba atawa ulinn. Kecap identitas dina kalimah (2) asalna tina basa Inggris, identity, hartina ciri-ciri atawa tanda. Ari kecap solat dina kalimah (3) mah asalna tina basa Arab, harnita nuduhkeun salasahiji ibadah nu wajib dilaksanakeun ku sakumna umat Isalam.

Tiluanana kaasup kana kecap serepan tina basa kosta. Ari kecap serepan teh nyaeta kecap-kecap dina basa Sunda nu asalna atawa kapangaruhan ku basa sejen. Upamana wae tina basa Walanda, Arab, Jepang, Inggris, Indonesia, Jawa,, jtse. Pangna kapangaruhan ku basa sejen soteh, sebab urang Sunda kungsi dijajah ku Wanlanda jeung Jepang. Kitu deui basa Arab, alatan lolobana urang Sunda anu ngagem agama Islam. Tangtu we dina kahirupan sapopoena, wawuh jeung kekecap tina basa Arab.

Dumasar kana tahapan intergrasina, kecap serepan teh bisa dipasing-pasing jadi dua golongan. kahiji, unsur serepan anu acan sagembleengan kaserep kana basa Sunda, saperti shuttlecock, up-grading, jste. Eta kecap teh sok dipake dina basa Sunda, tapi cara ngucapkeunana masih keneh nurutkeun basa aslina. kadua, unsur serepannana ucapanana jeung nuliskeunana geus luyu jeung basa Sunda. Ku lantaran kitu, tangtu we aya aturan kumaha cara nuliskeunana. 

Titenan aturan nuliskeun basa serepan ieu di handap !

aa (Walanda) jadi a
Aerodynamics                                nuliskeunana                     Aerodinamika
Hemoglobin                                                                             Homoglobin
Acculturatio                                                                             Akulturasi

c (Sangsakerta)                             
Cabda                                            nuliskeunana                     Sabda
Castra                                                                                       Sastra

kh (Arab) Jadi h                             
Akhir                                             nuliskeunana                     Akhir 
Khusyu                                                                                    Husu

ph (Inggris) jadi  f                    
Phrase                                            nuliskeunana                    Frase
Phase                                                                                       Fase



Lian ti aturan di luhur, aya keneh aturan-aturan sejenna dina nuliskeun kecap serepan teh. Tapi keur kecap tina basa Indonesia atawa tina basa Arab anu harti jeung ucapanana geus sarua, teu perlu dirobah cara nuliskeunana. upamana wae kecap kabar, iklan, perlu, hadir, jaman, waktu, jste. Mun hidep hayang leuwih apal, kumaha aturanana nuliskeun kecap serepann, bisa maca buku palanggeran Ejahan Basa Sunda nu disusun ku Jurusan Pendidikan Bahasa Sunda FPBS Universitas Pendidikan Indonesia (UPI) Bandung. 

4. Paribasa Tarjemahan
        Ku mekarna elmu pangaweruh jeung tehnologi, paribasa nu kiwari dipake ku urang Sunda teh aya nu jieunan dina basa Sunda, tapi aya oge nu meunang narjamahkeun tina basa deungeun, upamana wae tina basa Inggris, Arab, Walanda, Indonesia, Jawa, Portugis, jeung bisa jadi aya deui tina basa-basa sejenna. 
Sangkan leuwih eces, titenan sawatara paribasa tarjemahan tina basa deungeun di handap ieu!

a. Paribasa tina basa Indonesia 
- Aya hurang handapeun batu (ada udang di balik batu)
- Kawas cai dina daun taleus (seperti air di daun talas)

b. Paribasa tina basa Arab
- Nu sabar kakasih Gusti (innalloha maasyobirin)
- Nyaah ka lemah cai sabagean tina iman (hubbul wathon minal iman )
- Kebesihan sabagean tina iman (anna dhofatu minal iman)

c. Paribasa tina basa Inggris 
- waktu sarua jeung duit (time is money)
- Lamun aya kahayang, tangtu aya jalanna (where there is a will, there is a way)

d. Paribasa tina basa Jawa
- Adam lali tapel (poho ka wiwitan atawa asal usul)
- Adu telu ampar tiga (nu boga perkara/ jual beuli diriungkeun )
- Iwak nangtang sujen (jalan nu nyamperkeun pibahayaeun)


SETELAH BACA JANGAN LUPA COMENT YA TULISKAN NAMA, KELAS DAN JURUSAN DENGAN BENAR ! UNTUK ABSENSI !


 

Komentar

  1. Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.

    BalasHapus
  2. Zahfirah azza ghaniyyah
    X OTKP 3

    BalasHapus
  3. NAMA: REGITA CAHYANI AHMAD
    KELAS: X MULTIMEDIA

    BalasHapus
  4. M.Satria Gemilang
    X Multimedia

    BalasHapus
  5. Nama:Putri Maura Hidayat
    Kelas: X Multimedia

    BalasHapus
  6. Muhammad Rifky Imam Sabillah,
    kelas X Multimedia

    BalasHapus
  7. Afriza ananda putra
    X multimedia

    BalasHapus
  8. RIFKY RAMADHAN
    X OTKP 2
    ADMINISTRASI PERKANTORAN

    BalasHapus
  9. Zidan Aditya Najmi
    X Multimedia

    BalasHapus
  10. Daniel Alif Auliawan Diaz
    X Multimedia

    BalasHapus
  11. Syahfitri Noviyanti X OTKP 3

    BalasHapus

Posting Komentar

Postingan Populer