LANJUTAN MATERI LAPORAN KEGIATAN

 1. Maham Eusi Laporan Jurnalistik

        Sangkan leuwih maham kana eusi laporan jurnalistik di luhur, pek jawab pananya ieu di handap!

    1. Saha jeng di mana perenahna tukang nyieunan wayang golek teh?

    2. Ku naon pangna seni wayang kiwari pikamelangeun?

    3. Sabaraha lila waktuna keur nyieun wayang golek teh? 

    4. Ku naon wayang satria hargana leuwih mahal manan wayang biasa?

    5. Cek hidep, naon bedana wayang golek jeung wayang kulit?

    6. Saha wae tokoh wayang nu hideup apal? Kumaha watek atawa karakterna ?

    7. Naon bedana dalang, sinden, jeung nayaga dina pagelaran wayang golek?

    8. Hidep kungsi lalajo wayang ? Cing pek caritakeun kumaha pangalaman hidep lalajo wayang !

2. Nulis Laporan Kagiatan 

    Hidep tangtu kungsi milu dina kagiatan nu dilaksanakeun ku sakola, utamana nu patali jeung ekstrakulikuler. Bisa wae hidep kungsi ngayakeun lalampahan (perjalanan) ka hiji tempat atawa nongton pagelaran. 

        Pek ayeuna jieun laporan kagiatan !

        Dina laporan kagiatan kudu disebutkeun :

    1. Judul/ngaran kagiatan

    2. Bubuka

    3. Eusi kagiatan

    4. Pamungkas

PANGAJEMBAR BASA 

    Minangka pangajembar basa, ieu di handap didadarkan sawatara Palanggeran Ejahan Basa Sunda, nyaeta cara nuliskeun aksara gede (kapital).

1). Aksara Gede (kapital) 

  (a). Aksara gede dipake pikeun nuliskeun aksara kahiji dina awal kalimah. Cotona :

       Horeng anjeunna teh midua manah.

  (b). Aksara gede dipake pikeun nuliskeun aksara kahiji dina awalan kalimah cutatan langsung. Contona:

        Manehna nanya, "Ku naon budak teh ceurik?"

 (c). Aksara gede dipake pikeun nuliskeun aksara kahiji dina kecap anu aya patalina jeung hal-hal                 kaagamaan, kitab suci, jeung jenengan Allah (kaasup kecap salur-Na). Contona :

    Allah

    Nu Mahakawasa

    Islam

    Qur'an 

    Mugi Allah nangtayungan ka umat-Na.

(d). Aksara gede dipake pikeun nuliskeun aksara kahiji gelar kahormatan, turunan, kaagamaan, jeung sesebutan anu dituturkeun ku ngaran macakal atawa jujuluk. Contona :

    Raden Memed Sastrahadiprawira

    Haji Hasan ustapa

    Si Gegep

(e). Aksara gede dipake pikeun nuliskeun aksara kahiji gelar kahormatan, turunan, jeung kaagamaan anu dituturkeun ku ngaran macakal. Contona:

    Gubernur Jawa Barat

    Rektor UPI

    Laksamana R.E. Martadinata

Lamun teu dituturkeun ku ngaran macakal mah (ngaran jalma, instansi, tempat) ulah ditulis ku aksara gede. Contona :

    Saha gubernur anu dilantik kamari teh ?

    Pangkatna ditaekkeun jadi kolonel.

    Lanceukna mah insinyur.

(f). Aksara gede dipake pikeun nuliskeun aksara kahiji ngaran jalma. Contona :

    Dewi Sartika 

(g). Aksara gede dipake pikeun nuliskeun aksara kahiji ngaran bangsa, seler  bangsa, jeung basa. Contona:

    bangsa Indonesia 

    urang Sunda 

    basa Arab 

(h). Aksaran gede dipake pikeun nuliskeun aksara kahiji ngaran taun, bulan, poe, hari raya, jeung kajadian sjarah. Contona :

    taun hijiriah

    poe Juma'ah

    Proklamasi Kemerdekaan

(i). Aksaran gede dipake pikeun nuliskeun aksara kahiji ngaran macakal dina geografi. Contona:

    Gunung Galunggung 

    Walungan Cihaliyung

    Selat Sunda

(j). Aksara gede dipake pikeun nuliskeun aksara kahiji ngaran resmi badan, lembaga pamarentahan, katatanangaraan, jeung ngaran dokumen resmi. 

Contona :

    Departemen Pendidikan dan Kebudayaan

    Undang-Undang dasar 1945

(k). Aksara gede dipake pikeun nuliskeun aksara kahiji kecap-kecap ngaran buku, majalah, surat kabar, jeung judul karangan iwal kecap partikel (di, ka, ti, pikeun, jeung, anu, jsb.) anu lain dina posisi awal. Contona:

    Di Luhureun Jukut Reumis kumpulan carpon karangan Yus Rusyana.

    Dina Majalah Mangle rea sajak nu harade.

(l). Aksara gede dipake pikeun nuliskeun aksara kahiji kecap-kecap judul bab, subbab, jeung salian ti eta, iwal partikel. Contona :

    Bab I Kasang Tukang

            1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

(m). Aksara gede dipake pikeun nuliskeun singgetan gelar jeung sesebutan. Singgetan gelar salawasna dipungkas ku tanda titik. Contona:

    Dr.        Doktor

    Ir.          Insinyur

    S.H.       Sarjana Hukum

    Prof.      Profesor

    Sdrk.      Saderek 

(n). Aksara gede dipake pikeun nuliskeun aksara kahiji kecap anu nuduhkeun pancakaki (saperti bapa, ema, saderek, kakang, emang, jste.) anu dipake pikeun gaganti kecap sulur atawa sesebutan. Contona :

    Iraha Bapa angkat ka Bogor teh?

    Kumaha damang, Ma?

    Mangga clik, Kang?

(o). Aksara gede dipake pikeun nuliskeun aksara kahiji kecap anu nuduhkeun jujuluk. Contona:

    Dongeng Sakandang Kuya jeung Sakandang Monyet pikaresepeun.

    Saha ari Ki Umbara teh?

    Anu dileler Si Jalak Harupat teh nyaeta Oto Iskandardinata.


SILAHKAN DIBACA SETELAH MEMBACA TULISKAN DIKOLOM KOMENTAR NAMA, KELAS DAN JURUSAN DENGAN BENAR !!!!!  TERIMAKASIH :) 

Komentar

  1. Syahfitri Noviyanti
    X OTKP 3

    BalasHapus
  2. Rifky Ramadhan
    X OTKP 2
    Administrasi perkantoran (Ap)

    BalasHapus
  3. Muhammad Rifky Imam Sabillah kelas X Multimedia

    BalasHapus
  4. Nama:Rafli syarif
    Kelas: X BDP 3

    BalasHapus
  5. Nama: vedia maynar azis
    Kelas: x multimedia.

    BalasHapus
  6. Nama : ADRIAN FEBRIANO
    kelas : X BDP 3

    BalasHapus
  7. Nama : Mochamad Fahri
    Kelas : X OTKP 2

    BalasHapus
  8. Vidiya nurhalima ramadani kls X Bdp3

    BalasHapus
  9. Zahfirah azza ghaniyyah X OTKP 3

    BalasHapus
  10. Beny syaban setiawan
    Kelas : X BDP 3

    BalasHapus

Posting Komentar

Postingan Populer