LANJUTAN MATERI WAWANCARA

 SILAHKAN DIBACA DAN DICATAT DIBUKU CATATAN, JANGAN LIPA TINGGALKAN KOMENTAR DIKOLOM KOMENTAR NAMA,KELAS, DAN JURUSAN DENGAN JELAS !! ATURNUHUN :) 

Ngaguar Wanda Wawancara

            Upama nilik kana tujuan jeung lumangsungna kagiatan, wawancara teh bisa dipasing-pasing jadi sawatara wanda ieu dumasar ka nu ngawawancara jeung sipat wawancara. Dumasar ka nu carana, kagiatan wawancara dibedakeun jadi tilu rupa, nyaeta wawancara mandiri, wawancara kelompok, jeung wawancara konferensi.

a.       Wawancara Mandiri

Wawancara individual sok disebut oge wawancara mandiri, hartina saurang pawancara ngayakeun wawancara ka saurang narasumber. Wawancara mandiri biasana dilaksanakeun ku saurang wartawan waktu keur maluruh narasumber keur nulis hiji warta.

b.      Wawancara Kelompok

Wawancara kelompok mah biasana jumlah pawawancarana lobaan. Narasumberna mah bisa saurang bisa wae kelompok. Upamana wae, sababaraha urang wartawan ti sawatara media TV, radio jeung Koran ngawawancara grup band, artis, atawa tokoh politik. Pawawancara biasana ngasongkeun pananya anu beda-beda.  

c.       Wawancara Konferensi

Wawancara konferensi hartina kagiatan wawancara anu ngalibetkeun sawatara narasumber. Upamana wae acara talkshow dina TV atawa kagiatan diskusi public. Wawancara kelompok ge bisa dilaksanakan boh sacara langsung boh teu langsung (teleconference), upamana geus rea disiarkeun ku sawatara TV.

Dumasarna kana sipatna, kagiatan wawancara dibedakeun jadi dua rupa, nyaeta wawancara kaugeran jeung wawancara bebas.

1). Wawanacara Kaugeran

Wawanacra kaugeran sok disebut oge wawancara tertutup, hartina pawawancara kudu bisa nyekel rusiah rupanng informasi tina hasil wawancara, ti mimiti identitas narasumber tug nepi ka perkara anu ditepikeun ku narasumber. Biasana pawawancara geus nyayagikeun angket anu patalekan jeung jawabanana geus disadiakeun. Narasumber mah pancenna ngeusian jeung milih jawaban anu dianggap luyu atawa bener.

2). Wawancara Bebas

Wawancara bebas teh kagiatan wawancara anu pananya teu dirumuskeun heula ku pawawancara. Dina derna wawancara, biasana mah pawawancara ngadadak  ngasongkeun ka narasumber diluyukeun jeung situasi katut kondisi waktu kagiatan wawanacra lumangsung. Narasumber geh biasana mah mere jawaban-jawaban anu ngadadak kapikir harita keneh, henteu nyiapkeun heula jawaban. Wawancara bebas sok disebut oge wawanacra terbuka, hartina pawawancara teu kaugeran kudu ngarusiahkeun identitas narasumber. Kitu deui pananya ge bebas pikeun ngajawabna, teu kawatesanan. Narasumber ge bebas pikeun ngajawabna, teu teukawatesanan ku pilihan jawaban.

Komentar

  1. Rifky Ramadhan
    X OTKP 2
    Administrasi perkantoran

    BalasHapus
  2. Syahfitri Noviyanti
    X OTKP 3

    BalasHapus
  3. Muhammad Rifky Imam Sabillah
    kelas X Multimedia

    BalasHapus
  4. Afriza Ananda Putra

    X MULTIMEDIA

    BalasHapus
  5. Nama: Regita Cahyani Ahmad
    Kelas: X Multimedia

    BalasHapus
  6. Beny syaban setiawan
    Kelas : X BDP 3

    BalasHapus
  7. Vedia Maynar Azis
    Kelas: x multimedia

    BalasHapus
  8. Aulia eka putri
    Kelas : X otkp 3

    BalasHapus

Posting Komentar

Postingan Populer