MATERI WAWANCARA

SILAHKAN DIBACA DAN DICATAT DIBUKU CATATAN, JANGAN LIPA TINGGALKAN KOMENTAR DIKOLOM KOMENTAR NAMA,KELAS, DAN JURUSAN DENGAN JELAS !! ATURNUHUN :) 

Perkara Wawancara

            Wawancara teh dina basa Inggris disebutna interview, asalna tina kecap inter (antara; lolongkrang) jeung view (paninten; panempo). Nilik kana runcatan kecap kitu, wawancara teh bisa dihartikeun kagiatan guneman atawa tanya-jawab antara dua ruang atawa leuwih secara langsung anatara nu ngawawancara (interviewer) jeung nu diwawancara (narasumber; responden). Ku ayana kamekaran teknologi, wawancara ge bisa dilaksanakeun jarak jauh ngaliwatan media internet anu disebut video conference.

Dina widang jurnalistik, kagiatan wawancara teh penting keur salahsaurang jurnalis atawa wartawan keur nyangking atawa maluruh informasi keur nulis warta. Beda jeung wartawan anu ngahaja ngawawancara narasumber keur sumber bahan warta, ari dina kagiatan jumpa pers atawa konferensi pers mah biasana wawancarana teh lantaran kahayang narasumber. Anapon dina kagiatan panaluntikan, wawncara dilaksanakeun pikeun tujuan maluruh atawa neanga data keur bahan panaluntikan. Umpamana wae salahsaurang siswa boga pancen kudu nyieun laporan kagiatan studi wisata ka meseum. Tangtu we keur nyangking informasi anu bener, siswa the teu cukup nempoan koleksi anu dipajang di museum, tapi sok dibarengan ku wawancara ka pagawe museum.

Sawatara ahli komunikasi netelankeun yen wawancara teh mibanda tujuan (undagan) pikeun :

1). Matikeun bener henteuna kajadian atawa sok disebut oge aktualitas fakta,

2). Nyangking pamandegan resmi ti narasumber

3). Ngaguar pamanggih ahli, jeung

4). Kompirmasi keur babandingan data.

 

Ku lantaran kitu, mun urang rek ngayakeun kagiatan wawancara, aya sawatara hal anu perlu diestokeun :

1.      Muguhkeun impormasi naon nu arek dikumpulkeun

2.      Nangtukeun saha anu rek diwawancara (narasumber).

3.      Nangtukeun iraha jeung dimana rek diwawancarana.

4.        Nyusun angket wawancara, nyaeta daftar pananya (pertanyaan) nu rek ditanyakeun. Biasana nyoko kana prinsip 5W+1H: What (Naon), Where (Dimana), When (Iraha), Why (Kunaon), Who (Saha), jeung How (Kumaha).

5.      Dina derna ngawawancara, hadena ngagunakeun bahasa Sunda anu merenah.

6.      Nyatetkeun informasi penting anu ditepikeun ku narasumber. Bakal leuwih hade lamun direkam, difoto, atawa disyuting.

Ku kituna, aya sawatara tatakrama anu kudu dilaksankeun mun urang rek ngawawancara, di anatraana:

a). nu ngawawancara kudu netral, hartina teu meunang nyawad atawa ngawada kana pamanggih narasumber. Nu ngawawancara mah pancenna ge ngan ukur nayetetkeun, ngarekam atawa ngadokumentasikeun hasil wawancara.

b). nu ngawawancara kudu sopan, hartina dina prugna ngawawancara kudu nembongkeun pamulu anu someah, rengkak jeung paripola anu natakrama, jeung nyarita make basa Sunda anu luyu jeung tatakrama.

 

            Lian ti aya tatakrama, nu ngawawancara teh kudu ngalaksanakeun dua ha lieu di handap, nyaeta:

1. Nyatetkeun, pawawancara kudu nyatetkeun naon wae tina hasil wawancara. Pawawancara kudu nyiapkeun alat tulis keur nyatetkeun informasi anu kacangking tina hasil wawancara. Dina waktu nyatetkeun jawaban narasumber, biasana mah pangawawacara teh ukur nyatetkeun hal-hal nu pentingna wungkul. Geus kitu tuluy disusun jadi laporan wawancara kalayan bener tur informative. 

2. Ngarekam, pawawancara biasana biasana ngarekam kagiatan wawancara pake alat rekaman boh sacara audio atawa audio visual. Alat rekaman biasana keur ngadokumentasikeun kagiatan wawancara, nepi kasakabeh informasi wawancara teh bisa kacangking sacara lengkep. Pawawancara biasana mah nyusun transkip tina rekaman, geus kitu nyusun laporan hasil wawanvcara. Upama dibandingkeu jeung wawancara nu diacatetkeun, wawancara anu direkam biasana hasilna leuwih lengkep.

Komentar

  1. Dinnara berliana syesa
    X otkp 2

    BalasHapus
  2. Nama:Regita Cahyani Ahmad
    kelas: X Multimedia

    BalasHapus
  3. Muhammad Rifky Imam Sabillah
    Kelas X Multimedia

    BalasHapus
  4. Afriza Ananda Putra
    X MULTIMEDIA

    BalasHapus
  5. Waldiansyah Putra
    X MultiMedia
    Check

    BalasHapus
  6. Daniel Alif Auliawan Diaz
    X Multimedia

    BalasHapus
  7. Dio Yudhistira putra
    X multimedia

    BalasHapus
  8. Beny syaban setiawan
    kelas : X BDP 3

    BalasHapus
  9. DINDA ROSALINA
    X otkp2

    BalasHapus
  10. Muhamad Raihan Saputra
    X Bdp 2

    BalasHapus

Posting Komentar

Postingan Populer