LANJUTAN MATERI WAWANCARA
PANGJEMBAR BASA
1.
Struktur Wawancara
Kagiatan
naon wae nu dilaksanakeun ku urang tangtu kudu aya rangkayna. Kitu deui, dina
wawancara kudu puguh rangkayna. Saperti dina kagiatan umumna, struktur atawa
adegan wawancara the kudu nyoko kana (1) bubuka, (2) eusi, jeung (3) pamungkas.
Bagian
bubuka wawancara ilaharna eusina the nyoko kana salam pamuka, wawanohan antara
nu ngawawancara jeung nu diwawancara, sastra jejer nu diwawancarakeun. Geura
tengetan contona, aya wawancara anatara Ari Andriansyah (ti majalah Cupumanik (CM) jeung dalang Deden Kosasiih
Sunarya (DKS) ti Lingkung Seni Putra Giri
Harja 2, Jelengkong, Kabupaten Bandung. Kira-kira bubukana kieu :
CM : Nepangkeun, abdi Ari Ardiansyah ti
Majalah Cumpanik.
DSK : Deden. Mangga linggih! Aya nu tiasa
dibantos?
CM :
Seja wawancara perkawis peranan dalang kana atikan.
Bagian eusi
wawancara mangrupa Tanya jawab
antara nu ngawawancara jeung nu diwawancara. Nu ngawawancara ngajukeun pananya,
ari nu diwawancara nagajawab pananya.
Contona:
Cumpanik (CM):
Numutkeun
saderek, kumaha sumbangan dalang kana atikan?
Deden
Kosasih Sunarya (DKS):
Sumbangan
dalang kana atikan sipatna langsung
jeung teu langsung. Sacara teu langsung dina unggal pagelaran wayang, dalang
wajib mere luang atanapi atikan moral, make carita jeung falsafah pawayangan nu
kawengku dina silib, sastra, jeung siloka. Atuh sacara langsungna, ngatik
pribadi, kulawarga jeung lingkungan. Ari sacara rupa-rupa. Bisa ku obrolan
atanapi ceramah di masjid. Nu mawi dalang teh kudu asak elmu jembar panalar
dina agama jeung sosialna.
Pananya-pananya anu diteupikaun ku
nu ngawawancara muharep jawaban ti nu diwawancara. Jawaban-jawaban nu ti
awawancara gumantung kana pananya diasongkeun , tapi umumna mangrupa kalimah
atawa paragraph deskriptif (dadaran) jeung paragrap ekspositoris (pedaran).
Najan kitu, bisa jadi aya paragrap argumentative (alesan).
Bagian
pamungkas mangrupa panutup tina kagiatan wawancara. Ilaharna eusina teh
ngucapkeun nuhun kana waktu nu geus disadiakeun ku nu diwawancara, salam
panutup, jeung omongan pamitan. Contona:
CM : Hatur nuhun kana waktos nu parantos
dosayogikeun. Hapunten parantos ngarewong kana waktosna. Mangga atuh.
Assalamulaikum wr.wb.
DKS : Sami-sami. Ulah kapok, nya. Mangga.
Walaikumsalam wr.wb.
Tatakrama Kahirupan
Tatakrama tina wawancara teh sarua bae jeunng
tatakrama kahirupan dina umumna, nyaeta sopan santun dina gaul jeung papada
jalma. Istilah “tatakrama” asalna tina kecap tata (basa Kawi) anu hartina ‘aturan, adat, atawa kaedah jeung
kecap karma (Basa Sansekerta) anu hartina ‘sopan, santun, kalakuan alus’. Jadi,
tatakrama teh nyaeta adat atawa tata kasopanan dina paripolah campur gaul jeung
papada jalma sangkan henteu kaliru atawa nyalahan tina pola kabiasaan masrakat
anu geus pimuji.
Aturan
sopan santuanna dina gaul teh disebutna etika. Istilah “etiket” (basa Prancis: etiquette) anu hartia tata cara gaul anu alus jeung
papada jalma. Istilah etket beda jeung etika (basa Laten: ethica), anu artina falsafah moral atawa padoman cara hirup anu anu
bener dumasar kana aturan susila, budaya, jeung agama (Ceuk agam jeung darigama). Tuajuanana pikeun ngabina watek jeung
mental anggota masarakat sangkan jadi manusia nu boga ahlak hade.
Tatakrama
teh mibanda sababara pungsi, di antarana wae.:
1. Pungsi
pribadi (personal), pikeun nuduhkeun ajen pribadi hiji jalma;
2. Pungsi
sosial, pikeun nuduhkeun kapercekaan dina campur gaul;
3. Pungsi
kultural, pikeun nuduhkeun luhurna budi jeung adab budaya masarakat;
4. Pungsi
atikan (edukasional), [ikeun nuduhkeun cirina jalma anu boga elmu jeung atikan;
5. Pungsi
integratif, pikeun nuduhkeun silih ajenan antarpribadi dina hirup kumbuh
masarakat; jeung
6. Pungsi
instrumental, pikeun nuduhkeun lemesna alat ngahontal tujuan.
Komentar
Posting Komentar