STRUKTUR WAWANCARA

 

STRUKTUR WAWANCARA

Kagiatan naon wae nu dilaksanakeun ku urang tangtu kudu aya rangkayna. Kitu deui, dina wawancara kudu puguh rangkayna. Saperti dina kagiatan umumna, struktur atawa adegan wawancara teh kudu nyoko kana (1) bubuka, (2) eusi, jeung (3) pamungkas.

Bagian bubuka wawancara ilaharna eusina teh nyoko kana salam pamuka, wawanohan antara nu ngawawancara jeung nu diwawanacara, sarta jejer nu diwawancarakeun. Geura tengetan contona, aya wawancara antara Ari Andriansyah (ti majalah Cumpanik (CM) jeung dalang Dedeh Kosasih Sunarya (DKS) ti Lingkung Seni Putra Giri Harja 2, Jelekong, Kabupaten Bandung. Kira-kira bubukana kieu.

CM      : Nepangkeun, abdi Ari Ardiansyah ti majalah Cumpanik

DKS    : Deden. Mangga linggih! Aya nu tiasa dibantos?

CM      : Seja wawancara parkawis peranan dalang kana atikan.

Bagian eusi wawancara mangrupa tanya jawab anatara nu ngawawancara jeung nu diwawancara. Nu ngawawancara ngajukeun pananya, ari nu diwawancara ngajawab pananya. Contona :

Cumpanik (CM):

Numutkeun sederek, kumaha sumbangan dalang kana atikan?

Deden Kosasih Sunarya (DKS)

Sumbangan dalang kana atikan sipatna langsung, jeung teu langsung. Sacara teu langsung dina unggal pagelaran wayang, dalang wajib mere luang atanapi atikan moral, make carita jeung filsafah pawayangan nu kawengku dina silib, sastra, jeung siloka. Atuh sacara langsungna, ngatik pribadi, kulawarga jeung lingkungan. Ari carana rupa-rupa. Bisa ku obrolan atanapi cermah dina masjid. Nu mawi dalang the kudu asak elmu jembar panalar dina agama jeung sosialna.

Pananya-pananaya anu ditepikeun ku nu ngawawancara miharep jawaban ti diwawancara. Jawaban-jawaban ti nu diwawancara gumatung kana pananya diasongkeun, tapi umumna mangrupa kalimah atawa paragraph deskriptif (dadar) jeung paragraph ekspositoris (pedaran). Najan kitu, bisa jadi aya paragraph argumentative (alesan).

Bagian pamungkas  mangrupa panutup tina kagiatan wawancara. Ilaharna eusina the ngucapkeun nuhun kana waktu nu geus disadiakeun ku nhu diwawancara, salam panutup, jeung omongan pamitan. Contona:

 

CM      : Hatur nuhun kana waktos nu parantos diasoyogikeun.

Hamputen parantos ngarewong kana waktosna.

Mangga atuh. Assalamualaikum wr.wb.

DKS    : Sami-sami. Ulah kapok, nya. Mangga. Walaikumsalam wr.wb.

Komentar

Posting Komentar

Postingan Populer