BIANTARA

  1. Perkara Biantara

Nu disebut biantara teh nyaeta kagiatan nyarita d hareupeun ku batur balarea pikeun nepikeun hiji maksud atawa impormasi anu penting. Jalma anu ahli biantara disebutna orator. Upamana wae Ir. Sukarno jeung Ir. Oto Iskandar Dinata, duanana oge orator nu kakoncara. 

Sacara umum, dina prakna nepikeun biantara kudu nitenan sawatara hal ieu di handap :

a. Parigel muka biantara 

b. Eces nepikeun eusi biantara

c. Ngentep- sereuhna nyarita sing ngaruntuy

d. Rengkak, pasemon jeung lentong nyarita

e. Sorot panon diusahakeun sumebar ka pamiarsa

f. Gaya basa kudu pikatajieun, biasana mah ku cara nyelapkeun banyol atawa humor

g. Kudu bisa ngaluyukeun eusi biantara nu ditepikeun jeung tingkat intelektualitas pamiarsa

h. Parigel dina nutup biantara 

Kitu deui nu ngaregepkeun, aya sawatara padika anu perlu dikekeuhan, di antara :

  • Kudu saregep tur daria ngaregepkeun eusi biantara nu ditepikeun ku batur;
  • Catetkeun hal-hal nu dianggap penting tur perlu tina eusi biantara;
  • Salila batur nepikeun biantara, urang teu meunang ngobrol, lantaran sarua jeung teu ngahargaan ka nu keur biantara jeung;
  • Bisi poho, hadena biantara nu ditepikeun ku batur teh direkam (contona: make alat rekamdina Hp)
2. Nitenan Struktur Biantara 

Nilik kana wangun jeung eusina, biantara di luhur teh struktur atawa adeganana kieu;

a. Salam 
b. Bubuka
c. Runtuyan eusi
d. Panutup
e. Salam panutup

3. Padika jeung Gaya Biantara 

a. Dadakan (Impromptu)
b. Catetan Ringkes (Ekstemporan)
c. Naskah (Manuskrip)
d. Talaran (Memoriter)


Pakeman Basa

            Diluhur hidep geus diajar ngeunaan babasan jeung paribasa. Babasan jeung paribasa teh kaasup kana kabeungharan basa Sunda, leuwih heureutna kaasupna kana pamakeman basa. Ari pakeman bas ateh nyaeta wanguna basa anu husus tur mandiri satra hartina nu dikandung teu bisa dihartikeun sajalantrahna nurutkeun harti tatabasa atawa unsur-unsur pangwangunana. Dumasar kana watesan di luhur pakeman  basa teh ngabogaan sababaraha ciri, diantara wae :

a.       Ungkara basa anu husus tur mandiri;

b.      Winangun kalimat atawa gundukan kecap anu gaeus matok;

c.       Susunan kecap-kecapna teu bisa dirobah;

d.      Kecap-kecapna teu bisa diganti atawa dilemeskeun;

e.       Harti nu dikandung magrupa harti injeuman;

f.       Harti nu dikandung mangrupa babandingan siloka lakuning hirup manusa;

g.      Hartina nu dikandungna teu bisa dihartikeun sajalantrahna nurutkeun harti tata basa atawa harti nu dikandung ku unsur-unsurna.

 

Anu kaasup akan pamakeman basa the lain ngan babasan jeung paribasa wungkul, tapi aya deui nu sejenna saperti kekecapan, rakitan latip, cacandran, candrasangkala, caturrangga, uga, repok, jeung panyaraman.

Babasan, nyaeta kecap atawa gundukan kecap (frasa) anu ngandung harti jeung maksduna geus matok sarta ngandung harti injemuan atawa kiasan. Contona:

1.      Hampang birit = babari dititah

2.      Gede hulu = sombong

3.      Buntut kasiran = koret, medit

 

Paribasa, nyaeta ungkaran basa winangun kalimah anu harti jeung maksudana geus matok sarta ngandung harti babandingan minangka siloka lakuning hirup manusa. Eusi paribasa bisa mangrupa wawaran luang, pangjurung laku alus, jeung panyaram lampah salah.

 

Contona:

1.                  Adat kakurung ku iga = tabeat mah hese dipiceunna atawa dirobahna.

2.                  Anjing ngagonggong kalong = mikahayng nu pamohalan bisa laksan.

3.                  Gindi pikir belang baying = goring hate, resep nyilakakeun batur.

 

Kekecapan atawa kecap kiasan, nyaeta kecap-kecap atawa gundukan kecap anu geus jadi omongan-omongan atawa kailaharan, setengah babasan, umumna ngandung harti injeuman.

Contona:

1.                  Dinangna-nengne = dipiara

2.                  Teu eleh geleng = teu eleh kakuatan

3.                  Paeh pikir = teu aya kahayang

4.                  Ngeupeul = koret atawa medit

5.                  Awal ahir = engke ka hareup

 

Rangkitan lantip, nyaeta susunan kecap atawa ungkaran kalimah anu dihartikeun henteu sacerewelana, tapi ku kabiasaan make dadasar kalantipan.

Contona:

1.                  Nyai, panggedeankeun kompor. (Anu digedean the lain komporna, tapi seuneuna).

2.                  Jang, pangmegatkeun sado kosong. (Sado kosong the nyaeta sado nu euweuh panumpangna, tapi aya kudaan jeung aya kusiran).

 

Cacandraan, nyaeta panataan kana pasipatan tempat anu dibalibirrkeun, diucapkeun ku karuhun urang jauh samemeh  kajadian. Contona :

1.      Bandung heurin ku tangtung. (Bandung gegek padumukna)

2.      Sumedang ngarangrangan. (Sumedang kungsi dipingpin ku lain turunan Sumedang, waktu Raden Kusumahdinata (Raden Jamu) masih alit keneh).

 Candrasangkala, nyaeta kaweruh ngeunaan taun kajadian hiji perkara anu dibalibirkeun tur make Taun Saka. Runtuyanana ilaharna dibalikkeun. Ari bedana Taun Saka jeung Taun Masehi the 78 taun.

Contona:

1.      Panca Pandawa Ngemban Bumi.

   5         5            2           1

1255 Taun Saka, nyaeta ngadegna Karajaan Pajajarann. Lamun dirobah kana Taun Masehi, kudu Ditambah 78 taun. 1255 + 78 = 1333.  Jadi, ngadegna Karajaan Pajajaran teh 1333 Masehi.

2.      Nora Catur Sagara Wulan

0            4          4         1

 

            Titimangsa ditulisna naskah kuno Sanghyang Siksakandang Karesian, nyaeta 1440 Saka. Lamun diitung kana taun Masehi, 1440 + 78 taun = 1518 Masehi.

            Uga, nyaeta sabangsa ramalan ngeunaan maju mundurna kaayaan nagara, anu diucapken ku karuhun urang jauh samemeh kajadian. Contohna :

1.      Sunda nanjung mun nu pundung ka Cikapundung geus balik deui.

(Urang Sunda bakal nanjung atawa undak harkat darajatna lamun kapribadian jeung tangtungan urang Sunda geus balik deui ka dirina).

2.      Sunda nanjung mun pulung geus turun ti Galunggung.

(Tatar Sunda jeung masarakatna bakal nanjung atawa luhur harkat darajatna lamun pulang (cahaya Ilahi) geus asup kana diri urang Sunda).

 

SETELAH MEMBACA JANGAN LUPA KOMEN DIKOLOM KOMENTAR YA TULISKAN NAMA, KELAS DAN JURUSAN DENGAN JELAS !!!! TERIMAKASIH :)

Komentar

  1. Ananda Putri nur'syabani
    X otkp 1

    BalasHapus
  2. Muhammad Rifky Imam Sabillah
    X. Multimedia

    BalasHapus
  3. Muhamad Satria Gemilang
    X Multimedia

    BalasHapus

Posting Komentar

Postingan Populer