NGAWAWANCARA

 

Dina kagiatan ngawawancara moal bisa leupas tina nyieun kalimah pananya. Kalimah pananya nyaeta kalimah anu eusina nanyakeun hiji perkara ka jalma lian sarta miharep respon nu mangrupakeun jawaban. Lamun dina basa tulisan, kalimah pananya dipungkas ku tanda pamnanya (?). kalimah Tanya anu disusun ku urang dina nalika ngawawancara ulah panjang teuing, mun bisa mah parondok jeung langsung kana sasaran.

Upama ku hideup dititenan, ptalekan anu digunakeun ku siswa salaku nu neangan imformasi dina wawanncara di luhur the ngandung sababaraha kecap pananya, nyaeta: naon, iraha, sabaraha, di mana, naha, jeung kumaha.

Kecap panaya dina wawancara the kawilang penting, lantaran pasualan anu ditanyakeun jadi leuwih eces, leuwih babari kaharti ku jalma anu diwawancara. Biasana patalekan disusun dumasar kqna sakurang-kurangna genep perkara nyaeta nu disebut prinsip 5W + 1H: naon (what), ku naon(why), di mana (where), iraha (when), jeung kumaha (how). Lian ti eta, dina wawancara aya tahapanana,di antarana:

1.     1.  Tahapan tatan-tatan, nyaeta :

a.       Nangtukeun jejer atawa topic wawancara

b.       Nangtukeun tujuan wawancara

c.       Nagtukeun narasumber

d.      Nagtukeun patalekan

e.       Nyusun daftar patalekan

f.       Persiapan lainna; nyieun jangji, nangtukeun waktu.

2.    2.  Tahap prakna ngawawancara, dina prakna ngawawancra nu neangan informasi ge kudu ngalaksankeun dua hal, nyaeta saperti ieu di handap.

a.       Nyatetkeun, nu ngawawancara kudu nyatetkeun naon wae tina hasil wawancara. Nu ngawawancara kudu nyadiakeun pakakas keur nulis atawa nyatet informasi anu kacangking tina hasil wawancara. Dina waktu nyatetkeun jawaban narasumber, biasanmah anu pentingna wungkul. Geus kitu tuluy disusun jadi laporan wawancara.

b.      Ngarekan din prakna ngawawancara biasana anu jadi pewawancara ngarekan kagiatan ngagunakeun alat rekam boh sacara audio atawa audio-visual. Alat rekam biasana keur ngadokumentasikeun kagiatan wawancara, nepikeun lengkep.

 

 

 

 

Umapana digambarkeun prak-prakna ngawawancara bisa digambarkeun saperti ieu dihandap!

Ngantukeun tujuan


Nangtukeun topic wawancara

Nyusun patalekan

Menta izin ka narasumber

Ngawanohkeun diri ka narasumber 

Nepikeun maksud wawancara

Nanya kalawan eces

Nyadiekeun catetan jeung alat rekam

Ulah lila teuing atawa saperluna wae

 

Salian ti kudu milampah sababaraha hal saperti di luhur salaku tatakrama dina ngawawancara, dina prakna ngalaksanakeun kagiatan wawancara oge kudu puguh rangkayna, ulah langsung kana poin anu intina tapi kudu aya sababaraha tahap. Umumna aya tilu adegan wawancara anu kudu dipilampah ku urang salaku pewawancara, nyaeta bubuka wawancara, eusi, jeung panutup wawancara.

Bubuka wawancara umuma eusina  nyoko kana salam bubuka, wawanohan antara anu ngawawancara jeung narasumber.

Anu kadua nyaeta bagian eusi wawancara, anu magrupa bagian tanya jawab antara nu ngawawancara  jeung narasumber. Nu ngawawancara mere pananya, sedengkeun narasumber ngajawab pananya ti nu ngawawancara.

Anu katilu nyaeta bagian pamungkas atawa panutup. Dina bagian panutup umumna anu ngawawancara ngucapkeun nuhun kana waktu nu geus disadiakeun ku narasumber, salam panutup sarta dipungkas ku pamitan.

3.  3. Tahap nyusun laporan hasil wawancara kagiatan ahir dina wawancara nyaeta nyusun laporan wawancara. Aya sababaraha cara nyusun laporan wawancara, di anatarana:

a.       Laporan dijieubn dina wangun jurnalistik, nyaeta laporan nu disusun pikeun kepentingan balarea tur gampang dibacana. Kusabab kitu, wangun oge mangrupa carita biasa, ngaguluyur saperti warta. Contona saperti dihandap ieu:

Bapak Omin anu yuswama kiwari nincak 57 taun mibanda usaha anu patali jeung bahan bangunan atawa anu leuwih kawentar toko material. Toko material dibere ngaran UD. DARAFA, anu mangrupa singgetan tina ngaran anak –anakna.

Toko material UD. DARAFA ngadeg dina taun 2009 nepi ka ayeuna. Toko UD.DARAFA buka saban poe, ti mimti jam tujuh isuk-isuk nepi ka satengah lima sore. Bapa Omin mibanda 10 urang karyawan anu gawe luyu jeung jadwal shift. Biasana saurang karyawan jadwal liburna sakali dina saminggu, diluyukeung jeung kabutuhan pagawe sewing-sewangan.

UD.DARAFA nyadiakeun rupa-rupa bahan bangunan, di antarana rupa-rupa kai, saperti kai jati, kai kalapa, rupa-rupa cet, asbes, kusen kenteng, jeung sajabana.bahan material atawa bahan bangunan anu panglarisna dijual di UD.DARAFA nyaeta kai kalapa jeung awi. Komo deui upama keur usum halodo sapetti kiwari, sabab geus bisa dipastikeun bakal loba nu ngabangun imah atawa ngarenovasi. Sedengkeung dina waktuna usum hujan mah sabalikna.

Toko material UD.DARAFA perenahna di Desa Cikulak. Sok sanajan tempatna di sisi jalan api masih kawilang aman, sabab perenahna deukeut jeung kantor polisi anu bisa diapastikeun  ketat pisan panjagaanna, boh beurang atawa peuting.

Omset bapa Omin dina sabulan tina toko UD.DARAFA kurang leuwih 10-17 juta. Omset anu kawilang gede sarta cukup ngajangjikeun.

b.      Laporan dijieun dina wangun formulir, nyaeta wangun anu ilaharna digunakeun di kantor-kantor atawa sabage tugas-tugas akademisi di sakola-sakola. Laporan wawancara dina wangun formulir contona saperti ieu dihandap:

 

1.

Tujuan Wawancara

 

2.

Narasumber

a.       Ngaran

b.      Umur

c.       Alamat

d.      Profesi

 

3.

Tempat jeung Waktu Wawancara

a.       Tempat

b.      Waktu

 

4.

Informasi/Katerangan Narasumber

 

5.

Kacindekan

 

 

  SALIN MATERI TERSEBUT KEDALAM BUKU CATATAN BAGI YANG TELAH MEMILIKI LKS HAL.9-11, DAN JANGAN LUPA ABSENSI DIKOLOM KOMENTAR DENGAN MENULISKAN NAMA, KELAS DAN JURUSAN. TERIMAKASI. 

Komentar

  1. Nama:Rizkia Ramadhani
    Kls:X oktp3

    BalasHapus
  2. Nama: Ledya Hanipah
    Kelas: Xbdp2

    BalasHapus
  3. Nama: Keysha Aulia Putri
    Kelas: X BDP 1

    BalasHapus

  4. Nama: Siti Hajar Rahmawati
    Kelas: X. multimedia

    BalasHapus
  5. Muhammad Rifky Imam Sabillah kelas X Multimedia

    BalasHapus
  6. Daniel Alif Auliawan Diaz
    X Multimedia

    BalasHapus

Posting Komentar

Postingan Populer