PEDARAN WAWANCARA

 

 MATERI TANGGAL 08/04/2021

PEDARAN WAWANCARA

Wawancara dina basa inggris disebutna interview. Ieu kecap the asalana tina kecap inter (anatara; lolongkrang) jeung view (paninten; panempo). Nilik kana runcatan kecapna, wawancara the bisa dihartikeun kagiatan guneman atawa Tanya jawab anatara dua urang atawa leuwih sacara langsung anatara nu ngawawancara (interview), jeung nu diwawancara (narasumber/responden). Cindekna mah wawancara the nyaeta wangkongan atawa dialog anatara pihak nu mere informasi.

Wawanara tangtuna beda jeung wangkongan atawa obrolan sapopoe. Tanya jawab dina wawancara lumangsung secara dua arah. Narasumber mangrupakeun pihak an uterus-terusan meunang pannya. Satuluyna hasil tina eta wawancara dijieun laporanana. Mun ku wartawan mah hasilna the sok dicaritakeun deui dina wangun warta nu biasa ku urang diregepkeun dina radio, TV, atawa nu dibaca dina surat kabar. Tah laporan saperti kitu ilaharna disebut laporan jurnalistik.

Tujuan wawancara dina enas-enasna mah pikeunn ngupulkeun katerangan, pamanggih, atawa pangalaman ngeunaan hiji hal, bisa lumangsung sacara formal atawa nonformal.

Wawancara kaasup kana kagiatan nyarita dua arah. Aya nu nanya jeung aya nu ngajawab. Wawancara the dibedakeun jadi sababaraha rupa, nyaeta :

1.    1.  Wawancara Mandiri

Wawancara mandiri sok disebut oge wawancara individual, hartina nu ngawawancara ngalakukkeun wawancara ka saurang narasumber, biasa dilaksanakeun ku saurang wartawan waktu keur maluruh hiji warta.

 

2.      2. Wawancara Kelompok

Wawancara kelompok nyaeta wawancara nu dilaksanakeun ku lobaan. Nu ngawawancara biasana ngasongkeun pananya anu beda-beda.

 

3.     3.  Wawancara Konferensi

Wawancara konferensi hartina kagiatan kagiatan wawancara anu ngalibatkeun sawatara narasumber.

 

4.    4.   Wawancara Bebas

Wawancara anu teu direncankeun awalna, biasana sipatna saperti urang ngajak ngobrol biasana taya pananya anu jadi panduan.

 

5.      5. Wawancara Terpimpin

Wawancara anu ngagunakeun daftar pananya anu geus disadiakeun, biasana wawancara terpimpin sok disebut wawancara terstruktur.

 

6.      6. Wawancara Terbuka

Wawancara terbuka nyaeta wawancara anu pananyana taya watesanana.

 

7.    7.   Wawancara Tertutup

Wawancara tertutup nyaeta wawancara anu jawabanana diwatesan, misalna wawancara dumasar kana daftar pananya.

 

Wawancara lain ngan saukur pikeun neangan informasi, tapi wawancara mibanda sababaraha fungsi anu kawiilang penting., nyaeta saperti ieu di handap.

1.      1. Fungsi primer, nyaeta upamana wawancara dijadikeun alat hiji-hijina pikeun neangan informasi.

2.      2. Fungsi penglengkep, nayeta wawancara digunakeun pikeun data panglengkep.

3.      3. Fungsi kriterium, nyaeta wawancara dilakukeun pikeun nguji/ ngobservasi data/ informasi.

 

Nalika ngawawancara aya sababaraha tatakrama anu kudu dilaksankeun, nayeta saperti ieu di handap.

1.     1.  Nu ngawawancara kudu mibanda sikep netral, nyaeta, nu ngawawancara teu meunang nyawad atawa ngawada kana pamanggih narasumber. Nu ngawawancara mah pancenna ngan ukur nyatetkeun, ngareka atawa ngadokumentasikeun hasi; wawancara.

2.    2.   Nu ngawawancara kudu sopan, kudu nembongekeun pamenteu anu someah, rengakak jeung paripolah anu natakrama, jeung nyarita kudu make basa anu luyu jeung tata karma basa Sunda.

 

Wawancara dumasar kana sipatna dibedakeun jadi dua rupa, nyaeta  :

a.       a. Wawancara kauger atawa wawancara tertutup.

b.      b. Wawancara bebas.

SETELAH MEMBACA DAN MENYALIN ULANG MATERI KEDALAM BUKU HARI INI JANGAN LUPA UNTUK ABSENSI DENGAN CARA MENULISKAN NAMA, KELAS DAN JURUSAN DENGAN JELAS DIKOLOM KOMENTAR. ATURNUHUN !

Komentar

  1. Muhamad Satria Gemilang
    X Multimedia

    BalasHapus
  2. Daniel Alif Auliawan Diaz
    X Multimedia

    BalasHapus
  3. Ananda Putri nur'syabani
    X otkp 1

    BalasHapus
  4. Cut zahra muzakir
    X multimedia

    BalasHapus
  5. MEYZA JULIA PUTRI X OTKP 1

    BalasHapus

Posting Komentar

Postingan Populer